Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

AYA ku reugreug basa milu ngariung jeung para kasepuhan inohong budaya anu luhung ku èlmu jembar ku pangabisa, di Karadènan Cibinong mang­kukna tèh. Enya, itung-itung mulungan èlmu anu sakitu heuyeub luhungna, hususna ngeunaan palsafah anu raket patalina jeung kahirupan tur aya dina awak sorangan.

Lamun ceuk basa Aki Po­chman mah, ti Universitas Ilmu Hirup, anu sumberna tina jalma-jalma pangalaman sarta geus kungsi ngaranda­pan tur ngajamanan. Rèk teu kitu kumaha, dua urang para panyaturna geus teu bireuk deui pikeun urang Bogor mah, nyaèta Kang Eman nbu aktif dina urusan kabudayaan, hu­susna anu aya patalina jeung kasundaan. Malah sanajan tos sarepuh, Kang Eman tèh resep kènèh asruk-asrukan, ngadali­dis jeung nyaliksik paningga­lan jaman baheula, titinggalan para karuhun anu tacan kungsi kaguar, atawa “nyumput buni di nu caang” kènèh. Ku jasa aran­jeunna sababaraha patilasan anu rèk leungit tèh, sakurangna bisa disalametkeun.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Malah saurna hasil kuku­rilingan tina nyukcruk galur mapay laratanna tèh bakal di­kana bukukeun. Tah lamun kitu mah sakurangna urang bakal nyaho, kana kaluhungan para karuhun tèh, teu kudu upruk-aprak naèk turun gunung lin? Ti generasi anu ngorana, aya Kang Achmad Yanuana Saman­tho, panulis Peradaban Altantis Nusantara, anu bukuna keur digunemcaturkeun ku balarèa. Pedaran ti tilu urang ieu, sakurangna nambahan kayaki­nan yèn tètèla Sunda (lain ngan saukur sèkèsèlèr) baheulana mibanda peradaban atawa ka­budayaan anu luhung kacida.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Anu matak hèlok jeung teu nyana, tur matak crukcrek tèh basa anu boga imah, Kang Wawan Chusnun atawa Kary­awan Faturachman medarkeun sababaraha èlmu palsafah anu diteuleuman tina kaluhungan karuhunna sorangan nyaèta urang Sunda tèa. Diantarana ngabèjèr bèaskeun urusan cai minangka sumber kahirupan jeung kahuripan. Kurang leu­wih sajam anjeunna nerang­keun mangfaat cai jeung palsa­fahna. Saurna jadi pamingpin mah kudu kawas cai, kabula-ka­balè, bisa ngalarapkeun diri di­mana tempat jeung ayana. Cai mah aya dimana-mana, dina awak urang, dina tatangkalan, dina taneuh.

============================================================
============================================================
============================================================