Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LANTARAN geus lila teu ka­panggih jeung Ki Tatang, du­lurna Ki Madi tèa, kuring nga­hajakeun ulin ka warungna, maksudna mah rèk nanyakeun kaayaan istrina anu kamari sempet dirawat di rumah sakit. Kasampak tèh keur ngahuleng bangun nu loba kabingung.

Kumaha, Nini tèh Ki, parantos sèhat?.cèkèng tèh bari song ngajak sasalaman. .Alhamdulillah tos wangsul deui ka rorompok, dileukeu­nan dirawat di rorompok wè, paling ogè mun perlu berobat jalan,.jawabna tèh, pasamo­nana angger teu robah, bangun nu keur bingung kènèh.

Geuning Aki katingalna ma­sih kènèh bingung?

Ari urusan pamajikan mah lah geus dipasrahkeun wè ka Nu Maha Kawasa, da eukeur ieuh disarèatan. Ngan sawaktu di rumah sakit tèh aya urusan anu nepi ka ayeuna angger kapikiran?.

Su.al naon tah Ki, katingalina mani daria pisan?. kuring panasaran.

Derekdek wè anjeunna nyaritakeun pangalamanana mang­sa keur nungguan istrina di rumah sakit.

Hiji waktu, basa keur nung­guan istrina, aya hiji lalaki anu sarua keur nungguan pasièn malah anakna pisan, nyam­peurkeun ngajak ngobrol, kitu­na mah tamba kesel.

Dina dangdanana jeung cara ngomongna, kuring bisa mastikeun lamun èta lalaki tèh, ti golongan jalma aya jeung mibanda kasangtukang pendi­dikan anu luhur.

Mimitina mah anu dio­brolkeun tèh, urusan panyakit anakna, tungtungna mah nyas­ar kana budaya Sunda, husus­na ngeunaan basa.

Tah, tah kumaha Ki?.

Enya anjeunna naro­skeun ka Aki, naha yakin la­mun basa Sunda dina lima puluh taun ka hareup aya kènèh anu ngagunakeun?. .Waler Aki kumaha?

.Asa kurang yakin, sabab ti ayeuna kènèh anu makè basa Sunda tèh geus ngurangan, barudak ngora urang dina ka­hirupan sapopoèna geus tara marakè basa Sunda. Eta sepuh tèh, ngaaminan.. Malah saur anjeunna, salah sahiji panya­babna tèh ayana dina basa Sun­da sorangan.

Lamun ditanya, panya­babna teu ngagunakeun basa Sunda, jawabanana sarua, boh para pangagung, para pajabat, atawa barudak ngora, pasti sieu salah, atawa hèsè kusabab aya undak usuk basa tèa. Sagala pasualan, saur anjeunna, geus pasti bakal aya jalan kaluarna, lamun kapanggih panyabab atawa kasangtukangna. Sarèrèa ogè pada nyaho, yèn panyabab­na tèh kulantaran aya undak-usuk basa, anu nyababkeun jalma jadi embungeun makè, sarta hèsè ngagunakeunana.

Tah lamun geus kanyahoan kitu, maenya teu kapanggih kumaha cara ngungkulanana,. saur Aki Tatang nirukeun cari­taan èta sepuh tèa. Diantarana, ngaleungitkeun undak-usuk basa anu dianggap salila ieu jadi panyabab utamana. Sabab, basa Sunda anu ku urang digunak­eun tèh sasatna basa anu loba kapangaruhan ku basa Mata­ram. Jadi lamun tèa mah nèan­gan basa Sunda nu asli nya basa Sunda anu lumaku di Bogor.

Atuh lamun kitu mah lain ogè basa Sunda anu pinuh ku tatakrama jeung aturan tur mibanda ajèn inajèn anu luhung,Ki,.kuring mairan.

Tah èta patanyaan èta ogè ku Aki ditanyakeun ka anjeunna.. .Teras walerna kumaha Ki?. .Anjeunna malik nanya, naha urang rèk angger ngagugulung undak-usuk basa, bari nya­ho yèn dina hiji waktu bakal taya anu ngagunakeun deui, atawa nyieun kaputusan anu kawilang wani, tapi lèngkah ieu bakal nyalametkeun basa Sunda ka hareup.

Dumasar kana katerangan salah sahiji lembaga di PBB nyaèta, Unesco, unggal poèna aya sapuluh nepi ka saratusna, basa indung anu carem, nung­tut laleungitan. Tah lamun ti ayeuna taya kaputusan ngeu­naan èta, tur salawasna urang hoghag dina urusan undak-usuk basa, kaburu pareum tah basa urang. Sabab sidik pisan panyababna tèh èta pisan.

Kitu ogè aya nu nyebutkeun yèn anu ngagunakeun basa Sunda yeuna ukur 20 persèn. Carana mah, para gegedèn, ino­hong kudu nyieun kaputusan sawaktu Kongrès Basa Sunda, sarta diumumkeun ka sarèrèa.

Apal henteu yèn moto basa cicirèn bangsa tèh lain beunang pituin urang Sunda, numutkeun Kang Ayip mah tarjamahan tina basa Malayu, bangsa di dinya lain hartina suku atawa sèkèsèler tapi bang­sawan di urang mah mènak meureunnya..

Euh kitu nya, mangkaning kuring remen ngagunakeun tah,.Ari alus ma teu nanaon, ulah èra-èra. Kitu ogè lamun gorèng, ulah sieun-sieun pi­ceun wè. (*)

loading...