Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAUN ayeuna mah sigana tèh moal kabagèan usum halodo, sabab geus bulan Agustus hu­jan masih kènèh kerep, lamun teu isuk, sore atawa peutingna hujan. Padahal numutkeun itun­gan mah, lamun geus asup bu­lan September geus asup kana usum hujan atawa ngijih. Bulan Haji anu sakuduna nincak dina usum halodo, ayeuna mah aya dina usum hujan. Alhamdulil­lah hujan tèh sabenerna mah berlkah, tapi lamun tèa jadi ba­hal tèa mah, kusabab manusa kènèh. Banjir di kota atawa di Bandara sababaraha poè ka­liwat, alatan sisitim irigasina mangpet atawa gorèng.

Longsor di lembur jeung tempat lainna, balukar polah manusa, leuweung diruksak, tangkalna digalaksak, sawarèh­na dibeuleum. Padahal tugas manusa minangka kalifah, sakurangna kudu migawè tilu hal, hablum minallah, hablum minannas jeung hablum min’alam. Lamun tina tilu ieu, ukur hiji atawa dua can leng­kep jadi kalifahna. Dina bulan Haji salian ti loba anu ngalak­sanakeun ibadah haji, loba ogè anu ngalaksanakeun jatuk rami, munggah haji ka bale nyung­cung, ngawujudkeun jangji pa­sini diantara dua mahluk. Salian ti niat ngalobakeun ibadah, ngahalalkeun nu haram, ogè ngalanggengkeun katurunan.

Dina bulan ieu, jamaah nu rèk ngalaksanakeun Rukun Is­lam anu ka 5, sabagèan geus dimiangkeun ka Makkah, rèk mapay raratan jeung ngalak­sanakeun kawajiban anu kungsi dilaksanakeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim sarta satuluyna diajarkeun ku Kangjeung Nabi Muhammad SAW. Ku turunna parèntah ngalaksanakeun ayat 97 dina surah Ali Imran anu tar­jamahan bèbasna, Jeung Allah ngawajibkeum manusa migawè ibadah haji ku jalan nyumpin­gan Baitullah nyaèta saha anu mampu sarta kawasa nepi ka Manten-NA jeung saha anu kufur, ingkar kana kawajiban haji ieu, mangka saenyba Allah Maha Beunghar jeung henteu muntang kana naon waè tina sa­kumna makhluk”.

Dina taun èta Rasulullah, babarengan jeung 1500 urang kaum Muslim miang ka Makkah pikeun ngalaksanakeun fardhu haji, tapi teu bisa lumangsung kusabab dihalangan ku kaè um Quraisy , anu ahirna ngahasilk­eun perjangjian Hudaibiah. Per­jangjian ieu, geus mukakeun ja­lan pikeun kamajuan Islam sarta dina dina taun ka 7 Hijriah, Ra­sulullah kantos ngalaksanakun Umrah babarengan 2000 urang umat Islam Dina tahun ka 9 Hijrah, Rasulullah nembè tiasa ngalaksanakeun ibadah Haji, bari meruhkeun Sayidina Abu Bakar Al-Siddiq mingpin 300 urang umat Islam pikeun migawè iba­dah haji. Kangjeng Rasul

Nabi Muhammad, ngalak­sanakeun fardhu haji mung sakali salami kumelendang di alam dunya anu dinamian “Hij­jatul Wada’/ Hijjatul Balagh/ Hij­jatul Islam atawa Hijjatuttamam Wal Kamal, kumargi saparan­tosna ngalaksanakeun ibadah haji, teu sabaraha lami pupus. Mantenna angkat ka Madinatul Munawwarah dina dinten Sab­tu, 25 Zulkaedah tahun 10 Hijrah sareng istri sarta para sahabatna anu jumlahna kirang langkung 90.000 urang.

Tah umat Islam ti sakuliah dunya, ti sababaraha waktu ka­liwat geus ngadeugdeug Taneuh Suci pikeun ngalaksanakeun Ibadah Haji. Di Indonesia soran­gan ayeuna mah pikeun miang ngalaksanakeun haji tèh kudu ngadagoan rada lila, aya kana puluh jeung welasan taunna. Anu geus kabagian sarta bakal miang dina taun ieu, nya Alham­dulillah, dipaparin kasempetan pikeun migawè rukun Islam anu kalmia. Hartina anu geus ngala­konan rukun anu pamungkas mah, geus sampurna ngalak­sanakeun sakabèh rukun anu aya. Pikeun anu can kabiruyun­gan, boh kusabab kasèhatan ata­wa can manis tatoa, ulah hari­wang. Sabab, Allah mah Maha Adil, aya ibadah-ibadah anu bisa dilaksanakeun tur pahalana sa­rua jeung ibadah haji. Sakurang­na aya opat amalan nyaèta ka­hiji kaluar ti imah pikeun shalat fardu di masjid dina kaayan geus boga wudu. Kadua, Shalat berjamaah di masjid sarta diuk jeung zikir nepi ka mucunghul panon poè, diteruskeun ku shalat dua rakaat. Nu katilu dia­jar atawa ngajarkeun kahadèan di masjid. Nu pamungkas ngal­aksanakeun shalat fardu/ wajib berjamaah jeung shalat Duha di masjid. Sakumaha hadist Ra­sulullah, sing saha anu kaluar ti imahana dina kayaan geus suci pikeun shalat wajib mangka pa­halana kawas pahala jalma nu ka haji nu ihram, jeung siang sa­ha-saha anu niatna ukur shalat Duha, meunang pahala ibadah Umrah. Jeung shalat saentas shalat taya pagawèan anu taya mangpaatna. (*)

loading...