Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TAH di dinya, ku Andika adegÂkeun èta dayeuh, laju ngaranan Bogor. Sabab Bogor tèh hartina Tunggul Kawung. Ari Tunggul Kawung, èmang ogè euweuh hartina, euweuh sotèh ceuk nu teu ngarti… jst. Sanajan teu diÂjudulan, pikeun sabagèan warÂga Kota Bogor, anu resep nguÂlik sajarah jeung datang atawa diondang dina Rapat ParipurÂna Istimèwa mièling milangkaÂla Bogor unggal tanggal 3 Juni, pasti nyahoeun lamub èta PanÂtun Ngadegna Dayeuh Bogor, meunang Pa (Ki) Cilong.
Sakurangna aya dua kagiaÂtan dina poè èta (milangkala) nu kahiji macakeun Pantun Pa Cilong jeung sajarah Bogor dina Basa Sunda. Saking pentÂingna Pantun kinarya Pa Cilong ieu, unggal taun dibacakeun dina Rapat Paripurna Istimèwa deuih. Hartina pingpinan DPRD Kota Bogor jeung Walikota, sarta nu lianna nganggap yèn kajadian èta kawilang penting. Sanajan sakitu pentingna, di sakuliah Kota Bogor, taya pisan “pèpèling†ngeunaan pantun ieu. Sugan pèdah di Bogor mah baheulana kungsi aya puseur kabudayaan kusabab baheulana kungsi aya Karajaan Sunda GaÂluh (Pakuan Pajajaran) anu diÂrajaan ku Sri Baduga Maharaja anu kaceluk ka awun-awun kaÂkoncara ka janapria, aya prasti Pacilong. Boh di panto gerbang mangsa asup ka Kota Bogor, di sakola-sakola, di taman-taman anu ayeuna keur diwangun diÂmana-mana, ih henteu.
Lamun kitu palebah mana ngahargaan jeung malirè kana kasajarahan Bogor pituin (lain jaman Kolonial Walanda, jaÂman panjajahan, anu ayeuna kuer di agung-agung). Lamun tèa mah di taman-taman aya “prasasti†Pantun Pa Cilong di sababarah tempat, sakurangna urang Bogor (bisa budak saÂkola, kolot, aki-aki jeung nini-nini) atawa anu kungsi nyaba ka Bogor nyahoeun kana ayana pantun ieu. Jadi lamun di TanÂya naon ciri Bogor, henteu ngÂabigeu, lain ngan saukur ngaÂjawab taleus Bogor wungkul.
Ulah ngaku-ngaku prasasti Batu Tulis, sabab èta mah geus ti baheula ayana. Kitu ogè laÂmun urang ditanya, kumaha ciri mandiri wangunan Sunda? Barudak ayeuna yakin moal apaleun kana Gajah Ngupuk, Parahu Kumurep, Capit GuntÂing sarta nu lianna, sabab taya contona pisan. Anu bisa ditemÂpokeun jeung “dipikareueus†sakali deui wangunan jaman Kolonial, sèsa pangjajahan anu geus dijadikeun Benda Cagar Budaya (BCB) ku Dines KabuÂdayaan, Pariwisata jeung EkoÂnomi Kreatif Kota Bogor.
Wangunan Sunda? Ukur aya dina internet, bari mènta banÂtuan ka Mbah Google. Palebah dieu kawijakan pingpinan dina mutuskeun anu aya patalina jeung budaya atawa kasajaraÂhan Kasundaan diperlukeun pisan. Teuing teu ngarti atawa pura-pura teu ngarti tah !
Pantun anu salengkepna nyaritakeun ngaran Bogor sarÂta balukarna lamun teu malirè atawa ngahina ku sikepna anu calutak sakumaha disebutkeun dina padalisan, Amun kadupak bakal borok nu ngadupakna, tah cokorna, moal geuwat caÂgeur tah inyana. Amun kataÂjong, matak bohak nu naÂjongna, moal matak waras tah cokorna. Tapi amun dijieun kèkèsèd, sing nyaraho! Isukan jaganing gèto, bakal hudang patingkodongkang, nu ngaÂwarah si calutak. Tah kitu, laju adegkeun èta dayeuh, laju ngaÂranan Bogor.
“Kasaktian†Pantun Pacilong anu nyebutkeun bakal hudang patingkodongkang ngaÂwarah si calutak ayeuna keur diuji deui, sanajan geus aya tilu urang anu asup samèmèhna, sarta rombongan jeung nu liÂanna. Pa Cilong anu hirup di jaman Walanda sarta ngamèn kaditu-kadieu, bari mantun, geus bisa nyiptakeun hiji panÂtun anu kacida rohakana, bari tangtuna pendidikanna teu sabaraha, sabab di jaman harÂita mah, hayang sakola luhur tèh hèsè pisan. Ukuran turuna mènak anu bisa sakola luhur, cacah mah geus bisa sakola raÂhayat ogè geus kacida hèbatna.
Tah ngeunaan, saha Pa Cilong ieu, dikorèhan kamana-mana ogè, welèh taya raratanÂna, lamun enya Pa Cilong kungsi aya kumelandang di BoÂgor, naha dimana kuburanna, sabab jamanna tèh lain jaman batu, geus kadieunakeun. SaÂbagian aya anu nyebutkeun yèn makam (patlisan)na tèh aya di wewengkon Kulon. Tapi nuÂmutkeun Kang Iman Sobar, uraÂng Buniasih, makam Pa Cilong aya di wewengkon anjeunna, dikuribeng ku pager beusi sarta di jerona aya majlis pangajian. Yu ah, urang saksian, “kasakÂsian†Pantun Pa Cilong kahareÂupna. Naha aya lalakon anyar pikeun pajabat Kota Bogor? Wallahualam bissawab. (*)
Bagi Halaman