Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SAENTAS sababaraha poe langit salil­ana bèngras, tadi peuting dipaparin hujan, mani asa sono, kana cihujan tèh, sanajan tengah peuting bari jeung asa didodoho ogè. Enya kusabab salila ieu yakin pisan tara turun hujan, nepi ka jas hujan anu biasana digigiwing kamama­na tèh, ti saprak “usum halodo” mah, nya ditinggalkeun dina sampayan. Ngan mangsa turun hujan peuting jadi bin­gung lumampah, kapahung ku hujan.

Rèk huhujanan rumasa geus ohir, tong boroning keuna cihujan, sakali mangsa parengan teu make jakèt ogè, pan urusana panjang, lamun teu dik­erokan ku patih goah, sakujur awak kudu dibalur ku minyak haneut. La­mun teu kitu sapeupeuting teu bisa sarè, guling gasahan, sagala karasa. Palebah dinyana mah kudu ngaruma­sakeun beuki kolot mah, “onderdil” tèh geuning beuki kurang kuat.

Motor onaman bisa diganti ku nu anyar, anu aya jero awak mah rèk kumaha ngagantina. Paling ogè ukur miara jeung mulasara wungkul. Jadi tegesna mah, lumaku tah sadia pa­yung samèmèh hujan, jadi mangsa hujan geus siap-siap pikeun nyangha­reupana. Saur Ki Tatang, paribasa sa­dia payung samèmèh hujan tètèla lain ngan saukur pikeun hujan, dina harti sabenerna, cai anu turun ti langit.

Tapi ceuk Ki Tatang mah jero ka­cida, hususna pikeun sakabèh manu­sa, hususna anu geus boga kawajiban. Pikeun anu geus akil balèg, tumiba kawajiban ngadegkeun Shalat, nya buru-buru adegkeun, sabab shalat tèh bisa jadi salah sahiji siloka tina payung, jeung amal-amal kahadèan nu lianna. Payung lianna sakumaha disabdakeun ku Kangjeng Rasul Nabi Muhammad SAW, diantarana lamun kahadèan urang dina poè ieu, kurang ti nu kamari, dosa, lamun sarua kaa­sup jalma anu rugi, nu pangafdolna nya unggal poè kahadèan leuwih loba ti samèmèhna jeung ayeuna.

“Unggal poè darajat ibadah kudu leuwih alus, lamun dina poè ieu urang shalat berjamaah Magrib wungkul, isukanana tambahan ku Isya, subuh nepi ka afdol lima waktu,”pokna daria pisan. Saterusna, tambahan ku sun­nah, boh hajat, tahajud jeung shalat sunnah sèjènna. Tambahan wè ku so­daqoh, tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah, ngajait anu ti teuleum nyaangan nu poèkeun.

“Tah èta ngaranna sadia payung samèmèh hujan, bisi hujan atawa maot datang bari urang teu nyaho ira­ha pidatangeunana,” ceuk Ki Tatang. Lamun hujan aya cicirènna ku mega hideung sarta dimimitian ku girimis, manusa ogè aya tanda-tandana. Ka­hiji buuk anu tadina hideung meles geus salin rupa jadi bodas, panon anu tadin awas, geus kudu disambung ku kacapanon, kulit anu tadina mulus bangles sabagèan geus mimiti kariput, kani’matan geus mimiti dikurangan. Komo dina umur geus leuwih ti saten­gah abad mah, ciri èta tèh jelas pisan. Lamun umur geus tunggang gunung, angen-angen geus teu wayahna pecat sawed, sabab bakal tojaiah.

“Maenya geus aki-aki resep kènèh ulin ka cafè, bar, diskotik jeung migawè rucah. Sabab ceuk sarèatna geus nga­deukeutan liang kubur. Nambahan umur tèh lain nambahan kasempetan hirup di dunya, sanajan urusan maot mah, Hak Nu Gaduhna,” ceuk Ki Tatang deui. Asa ku pantes pisan, nu geus aya umur, ngariung di majlis, datang ka masjid jeung musholla samèmèh wak­tuna shalat, sabab aya waktu ngadu’a anu kawilang diijabah pikeun ngadu’a, nyaèta diantara azan jeung qomat.

Komo deui bari aya babasan, èngkè wè tobat mah lamun geus kolot. Har, saha anu bisa ngajamin urang bakal hirup nepi ka kolot. Pan dalah nepi ka poè isukan ogè can tangtu lin? Loba ka­jadian budak leutik, rumaja anu dicabut umur ku Allah. Jadi dina urusan jodo pati, bagya, cilaka mah, manusa teu bisa pipilueun pisan, teu daya teu upaya.

“Tah sangkan aman kamama­na, urang tetep kudu sadia payung samèmèh hujan, boh dina harti saben­erna, sabab Bogor mah Kota Hujan, atawa tadi tèa payung dina harti silo­ka,” Ki Tatang negeskeun bari amitan rèk dagang wuduk di hareup. Nuhun Ki ah! (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================