Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BIASANA sanggeus saminggu puasa nu baroga duit, atawa pupuhu organisasi, instansi sok ngajak buka puasa bareng. Di sa­babaraha tempat, lain ngan sau­kur ngadahar kolek jeung dahar sangu wungkul tapi sok ditung­tungan ku dikeupeulan amplop.

Pikeun anu baleunghar jeung ngalarti kana hukum agama, bulan puasa tèh bener-bener dijadikeun kasempetan pikeun ngala pahala. Sakumaha dawu­han Kangjeng Rasul dina salah sawios hadist anu diriwayatkeun dina Tirmidzi, sing saha jalma anu mere dahar ka jalama anu (keur) puasa, manhak manèhna meunang pahalana, jeung pikeun (anu narima kadaharan) puasana teu dikurangan saeutik ogè.

Tapi, kètang teu saeutik anu kurang ngarti, puasa tèh ngan saukur dijadikeun muaskeun ka­hayangna salila ieu. Dina bulan puasa tèh, imahna ngadadak di rombak, mobilna diganti atawa nambahan ku modèl pangan­yarna, parabot imahna diganti ku nu alanyar, nepi ka tatangga sabeulahna, ukur rumahuh, bari ngusapan dada. Sabab dua poè samèmèh puasa manèhna walèh nginjeum duit ka tatanggana èta, nginjeumna teu pira ukur dua ratus rèbu pèrak, malah nepi ka rèk nyimpen BPKB motorna, tapi keukeuh teu mere.

Buka bareng geus jadi ka­biasaan anu henteu bisa dileun­gitkeun malah geus jadi budaya, salian ti mageuhkeun silaturahmi ogè pikeun silih simbeuhan reje­ki, nu jamuga nyimbeuhan ka nu masakat. Insya Allah, saur Ustad Yusuf Mansur mah, lain kalahka ngurangan tapi bakal nambahan manglipet-lipet. Dina testimony (nyaritakeun pangalaman) anu dicaritakeun dina sababaraha Koran jeung radio, loba anu meu­nang “kaajaiban” tina sidekah anu geus dikaluarkeun tèh.

BACA JUGA :  APA ITU PATOLOGI ANATOMIK (PA)

“Kudu yakin sabab èta mah jangji Allah, lain jangji manusa,” saur Ustad Cècèh urang Bojong Gedè basa kuliah subuh. Saur Ustad Cècèh, kautamaan sidekah tèh diantarna, kahiji bisa ngon­dang kana datangna rejeki, sa­kumah firman Allah dina Al Qur’an yèn Manten-NA bakal males ka hamba-hambana ti 10 nepi 700 kaalusan, pikeun jalma anu sidekah. Kadua, pikeun to­lak bala sakumaha sabda Rasu­lullah SAW : Burukeun sidekah, sabab anu ngaranna bahla teu pernah miheulaan sidekah.

Katilu bisa nyageurkeun pan­yakit, kaopatna, bisa nunda ajal (maot) jeung manjangkeun umur , sakumaha dawuhan Rasul , lo­bakeun sidekah. Sabab sidekah bisa manjangkeun umur.

“Tah, sakitu hèbatna kauta­maan sidèkah tèh, asa teu ka­harti lamun aya jalma anu masih kènèh ngagugulung sikep pèlit, mèrègèhèsè, cap jahè. Naon anu rèk ditèangan atuh, lamun lain kabagyaan dunya jeung ahèrat. Kitu ogè mun bisa mah buka pua­sa tèh babarengan,”pokna daria.

Basa Ustad Cècèh nyarita­keun buka puasa bareng tèh, jadi inget kana kajadian sataun kaliwat. Kabiasaan alus, samodèl buka bareng di masjid atawa di musholla kacida alusna, Kahiji nyadiakeun jalma-jalma anu rèk baruka puasa hèg teu kaburueun nepi ka nu dijugjug, atawa pareng keur teu bogaeun keur buka. Kaduana mageuhkeun silaturah­mi, diantara para jamaah.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Tah kabiasan buka bareng tèh unggal taun dilaksanakeun di Musholla Al-Hasanah, Bari ngada­goan datangna waktu Magrib tèh sok dieusian ku wirid babaren­gan anu dipingpin ku Pa Dèdèn atawa ayeuna mah ku Ustad Indra. Pikeun nyadiakeun pan­gbukaanana, biasana geus dijad­walkeun, ku Ketua DKM sagrup tèh aya kana 6 urangna.

Sakumaha biasana, kada­haran tèh sok dianteurkeun ka musholla jam satengah genep leuwih. Nu boga pancèn ngawa­dahan jeung ngabagikeun tèh nyaèta Mas Amir jeung Mang Opik. Ngan teuing, kurang ko­munikasi, atawa teuing keur kumaha, dina hiji waktu mah, sakabèhna tèh ngirim kadahara­nana tèh sarua, mie golosor, ka­daharan has Bogor, anu lobana dina bulan puasa, tur dianggap kadaharan “wajib”.

Teuing pèdah, puasa awal kènèh kitu, nepi ka ibu-ibu anu ditugaskeun nyadiakeun kadaha­ran tèh bet masakna mie golosor kabèh. Ditambahan ku sambel suuk. Ari masak mie golosor na mah sarua, anu ngabèdakeun tèh justru sambelna wungkul. Atuh Mas Amir jeung Mang Opik tèh patingparelong, boa dina hatèna mah hayang seuri.

“Geuning Mas, mie golosor kabèh buka poè ieu mah?” ceuk Mang Opik bari ngawadahan kana mangkok.

“Nya rèk kumaha deui, meureun rejeki poè ieu mah, rejeki mie golosor, daèk teu daèk,”tèmbal Mas Amir. Alham­dulillah, dina poè èta mah ukur mie golosor wungkul buka tèh. Hidup Mie Golosor lah !

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================