TEUING pedah geus kolot, uteuk jadi hèsè diajak mikir beurat, atawa mèmang bahan-bahanna baheulana teu disarungsuman ku kadaharan anu bergizi anu diseÂbut opat sèhat lima sampurna tèa (sabab baheula mah prinsipna tèh opat seubeuh lima halal), ataÂwa mèmang sabagèan memorina geus keuna virus koloteun, basa aya anu ngajak ngobrol ngeunaan dunya pendidikan ayeuna tèh, lebeng, poèk mongklèng buta ngedul (mun rajin mah meureun pinter
Atawa mèmang basa nu ngaÂjakanana “luhur teuingâ€, nepi ka teu katepi ku pikir, kahontal ku akal. Mangsa harita mah ukur bisa olohok kembang kadu, bari hate mah cruk-creuk.
Ma’lum kitu tèana mah, sabab nu ngajak ngobrolna ogè lain banÂtrak-bantrakeun, salilan ti guyang dina widangna puluhan taun, ogè naratas dina widang èta tèh geus tepi ka punclutna. Tapi kètang, baÂsana mah biasa, basa keur rahayat, èta mah kuringna wè anu kurang bisa dina narjamahkeunana.
Saur anjeunna, salah sahiji anu pangraketna tur pangpentÂingna dina urusan dunya pendiÂdikan tèh nyaèta guru, malah di masarakat urang mah di jaman baheula kènèh profèsi ieu tèh meunang panghargaan tur kaÂpangkatan anu kacida luhurna.
Guru, ceuk Islam, dina harti harÂfiah, nyaèta Ustad (lalaki), Ustadzah (awèwè), tapi lain èta wungkul, sarèatna mah boh Ajengan, Kiai, para ulama, pan dina sapopoèna tèh ngalaksanakeun pagawèan guru, ngatik santri, murid, atawa umatna sangkan aya dina jalan benÂer sakumaha parèntah agama.
Ceuk basa kiratana guru tèh singgetan tina di gugu jeung ditiÂru. Ceuk basa formalna, guru tèh nyaèta, pendidik jeung pangajar dina pendidikan barudak anu umurna masih kènèh ngora di sakola atawa pendidikan formal dasar nyaèta pendidikan dasar, jeung menengah.
Panghargaan masarakat urang baheula kana profesi ieu, kawilang luhur, nepi ka aya paÂribasa, guru ratu wong atua karo. Hartina guru jeung kolot tèh sarua, kudu dihormatna kaÂwas ratu. Malah mun teu salah, di jaman baheula, hiji-hijina pagawèan anu bisa ningkatkeun darajat manusa tina cacah bisa jadi mènak tèh ukur guru.
Sabab nu sèjèn mah, henteu nepi ka kitu ieuh, nepi ka aya istilah Juragan (Mantri) Guru, sanajan anu jadi guruna tèh lain ti kalangan mènak. Lain ngan di sakola wungkul tapi di masarakat ogè pan Juragan Guru tèh ditemÂpatkeun dina “kasta†anu sajajar jeung para mènak.
Kabèhdieunakeun saentas, aya gulidag kapitalis anu nempatÂkeun harta banda disaluhureun sikep jeung paripolah, Guru geus kurang pati dihargaan, nepi ka Iwan Fals mah nyiptakeun tokoh Umar Bakri, Guru anu geus nyÂiptakeun ratusan jalma pinter, ti mimiti pangusaha, para mentri, jeung nu sèjènna, sedeng kaayÂaan manèhna masih kènèh pihaÂwatireun.
Tah dina jaman materi (harÂta banda) dijadikeun patokan pikeun ngukur darajat manusa, kayaan èkonomi para guru anu teu sabeunghar para pangusaha jeung profèsi sèjènna, pangharÂgaaan ka para guru tèh moroÂsot pisan. Ceuk bohongna mah, dina pawayangan ogè, hiji-hijina profèsi anu bogaeun dèwa tèh ukur guru, nyaèta Batara Guru. Sabab teu aya Batara Pangusaha, Batara Padagang atawa Batara Presiden.
Numatak kacida alusna lamun tèa mah Pamarèntah dina hal ieu Kamentrian Pendidikan Nasional, ngayakeun sertifikasi anu satuÂluyna dijadikeun dasar pikeun nambahan panghasilan para guru ngaliwatan tunjangan profèsi.
Maksudna mah sangkan sawaktu keur ngajar atawa ngaÂdidik tèh pikiranana henteu manÂcawura kamamana. Sabab, dina panangan para guru ieu, sauÂjratna bangsa ieu ditangtukeun, naha ngan saukur ngahasilkeun generasi anu saukur pinter wunÂgkul atawa mibanda ahlak talajak anu hadè tur budaya anu luhung. Sugan ku ayana nu kitu mah, hasilna tèh bakal leuwih alus nya!
Sabab, kumaha ngajarna rèk soson-soson jeung daria, lamun di imahna pabeulit ku urusan ekonomi. Jadi inget ka Pa KusÂwandi, guru PPKN jaman kuring keur di SMP. nepi ka jadi tukang ojeg kusabab panghasilanna salÂaku guru teu nyukupan.
Pa Kuswandi teu ngarasa minder mangsa nyaritakeun ka murid-muridna, yèn ulah ngarasa hina atawa boga pikiran gorèng lamun papanggih jeung dirina keur ngojeg. (*)
Bagi Halaman